Selasa, 07 Mei 2013


Conto Wawangsalan
1.    Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok
2.    Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodo
3.    Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus
4.    Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong
5.    Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
6.    Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
7.    Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
8.    Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara
9.    Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
10. Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng
11. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
12. Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
13. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
14. Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
15. Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
16. Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
17. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
18. Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
19. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
20. Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
21. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
22. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta
23. Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma
24. Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji
25. Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
26. Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata
27. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
28. Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
29. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
30. Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
31. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
32. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
33. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
34. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
35. Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
36. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
37. Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih
38. Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
39. Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar